Sabtu, 28 April 2012

carpon (Tujuh Belas Taun)


Isuk-isuk Rani jeung Eci geus datang ,maranehna rek karencanakeun jang mere hadiah kanu ulang taun nyaeta Ika ,teu lila Ima ge datang maranehna geus sepakat rek ngajailan heula Ika ,ke lamun Ika geus sedih kakara di bere ucapan salamet jeung kado nu istimewa .pas Ika datang marahnehna pura –pura teunanya ka Ika ,Ika ge aneheun naha babaturanana beut rada beda ,pas poe eta ,Ika nanya ti heula.
Ika :”Hey Rani ,Eci ,Ima wilujeung enjing “
Maranehna ngan caricing teu ngajawab sapaan Ika ,Ika jadi teu ngenah hate ,manehna ngarasa di sisihkeun pisan .teu lila bel ,tandana asup sakola pas harita palajaran kahiji teh olah raga ,barudak buru-buru ngagarentos acuk ,ka acuk olah raga ,pas gentos acuk biasana Ika di ajakan ku Rani ,Eci,jeung Ima ,pas poe harita mah Ika di anteupkeun teu ditanya ,teu dibaturan ,Ika ngarasa sedih pisan manehna sorangan da babaturan nu lain oge teu ngabaturan manehna da geus di barejaan ku Rani,Eci jeung Ima ,mun poe ayeuna the ulang taun Ika nu ka tujuh belas jadi barudak sakelas kudu mere kejutan nu teu mungkin di pohokeun ku Ika Saumur hirupna.
            Pas geus beres palajaran olah raga Ika cicing manehna mikir ,kumaha mun manehna nanya ka soba-sobatna naon salah na ,naha beut ngajarauhan akhirna Ika nanya padahal manehna sabenerna sieun rek nanya ka Rani,Eci,jeung Ima ,tapi da kumaha hate manehna teu tenang soalna babaturanana beut kitu padahal Ika teu ngarasa salah nanaon .
Ika:”Rani ,Eci ,Ima ,sabenerna didinya teh kunaon beut ayeuna rada beda ka abdi “.
Rani:”Beda kumaha nya Ka ?”.
Ika :”Nya beda we naha bet ngajarauhan ka abdi “.
Eci:”Ih.amit-amit nya teu ngarasa salah maneh mah !(padahal pura-pura)”.
Ika :”Nya salah naon awalna urang kan teu aya masalah “.
Ima:’’Ka ngarasa teu didinya the geus ngarebut Deni ti Rani ,kan Ika nyaho Rani teh kabogohna Deni naha beut ngadekeutan Deni !?”.
Ika:”Astagfirullah alladzim ,abdi mah teu ngadekeutan Deni ,abdi jeung Deni ngan babaturan ,Bener”.
Rani:”Alah bohong dasar didinya mah bisa na nganyerikeun hate! “.
Ika :Bener Rani ,sumap Demi Allah abdi ngan babaturan jeung Deni teu maksud bade nanaon”.
Eci:”Ah geus lah urang indit we teu kudu di baturan deui ayeuna mah kumaha Ika we bade kumaha-kumaha oge! “.
Maranehna indit ninggalakeun Ika ,Ika ceurik manehna sedih pisan da di carekan ku sobat-sobatna ,padahal Rani,Eci ,jeun Ima m ah pura-pura tos nyarekan teh  manehna seseurian ningali Ika nu kaciri sedih pisan tapi manehna lain rek tega ngan rek mere kado meh ulang taun Ika nu ka tujuh belas teh jadi berkesan pisan .bel istirahat ,Rani,eci,jeung Ima geus nungguan di panto rek ngajailan deui ,pas Ika kaluar Ika langsung di seret dibawa ka gudang.
Ika:”Bade kamana?tong narik-narik kieu atuh ,nyeri! “.
Rani:”cicing lah tong loba ngomong urang rek mere balasan kadidinya ku sabab didinya geus nyeri hatekeun abdi!”.
Ika dibawa ka gudang terus di kerem ,barudak geus nyarahoeun malahan geus menta ijin ka pihak sakola ,Ika dikerem manehna ceurik jeung sieun da gudang teh kacida poekna.
Geus ngereum ika barudak buru-buru nyiapkeun kado kanggo Ika nyaeta kue ulang taun nu kacida endah jeung nu pasti enak pisan .Ika dikeureum salila satengah jam manehna geus leles jeung kacida sedih teu lila ti dinya aya nu mukakeun panto,eh sugan teh saha,babaturanan mere kejutan nu kacida alusna
Babaturan:”salamet ulang taun Ika ,wilujeung ulang taun nya “.
Rani :”nya Ika ieu kado ti urang sadaya kanggo ika nu ulang taun ka tujuh belas ayeuna mugi-mugi panjang umur ,sehat,loba rizkina”.
Babaturan:”amiiiinn”.
Ika molohok manehna teu nyangka babaturanana inget ka ulang tauna nu katujuh belas ayeuna ,Ika masih sedih da di kerem  jeung di carekan tapi manehna oge kacida bungahna ningali ku kalakuan babaturanana nu perhatian jeung nyaah ka manehna .
Ika :”nuhunnya sadayana abdi teu nyangka pisan ,(hehehe)”
Babaturan :”nya sami- sami ika ,tos atuh tong nagis deui ,ongkoh seuri tapi ceurik,(hahaha)”
Poe ayeuna ika bungah pisan manehna dibere kado nu moal bisa di pohokeun ku manehna ,Saumur hirupna soalna kadona di kerem jeung di carekan ku sobat sorangan tapi di bere kado nu kacida gedena nyaeta dibere ucapan salamet ku babaturanana sakelas jeung ku ulang taun nu kacida endahna jeung nu pasti enak pisan.





Tidak ada komentar:

Posting Komentar